Resensi Novel Bahasa Sunda Lengkap


Resensi Novel Bahasa Sunda Lengkap-, Rangkuman Novel bahasa sunda yang berjudul PANGANTEN ini kami share untuk sobat semua yang sedang mencari bahan resensi tugas bahasa sunda. 

Resensi Novel Bahasa Sunda Lengkap

Jejer buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Citakan : Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010
Kandel buku : 99 kaca
                            
Novel Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.
Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana kalakuan anu goreng.


Semoga Resensi Novel Bahasa Sunda Lengkap  bisa membantu sobat semua.

1 Response to "Resensi Novel Bahasa Sunda Lengkap"